Atikan Kasenian di Sakola, Napak dina Budaya Bangsa
- ANU
pangheulana jadi pananya téh tangtuna ogé: naon tujuanana ngayakeun
atikan kasenian di sakolaan, pangpangna tingkat SD? Puguh baé tujuanna
lain pikeun ngajadikeun sakur siswa sangkan jadi seniman. Perkara isuk
jaganing géto aya diantarana nu jadi seniman, éta mah tangtu henteu
matak ngarobah tujuan utama iayakeunana atikan kasenian di sakola. Siswa
tingkat SD, mangrupa mangsa nyorang atikan formal anu bakal nangtukeun
ngabentukna karakter siswa ka hareupna. Diayakeunana atikan kasenian di
sakola téh tujuan utamana mah pikeun ngatik sangkan siswa jadi kréatif.Ku ayana atikan kasenian, siswa ogé dilatih pikeun mibanda kamampuh nalar, kalemesan budi, imajinasi, sarta kaseukeutan rasa dina nyawang kahirupan di lingkungan sosial budaya Indonésia. Jadi, atikan kasenian téh henteu sakadar kalangenan, anu diayakeun dapon henteu. Lantaran, atikan kasenian bisa raket patalina jeung mata ajaran séjénna. Nu matak, sok aya istilah seni ngajar, seni diajar, jeung seni séjénna. Perkara éta nuduhkeun yén naon rupa perkara ogé bakal leuwih anteb lamun ditumpangan ku seni.
Pamaréntah kalintang surti kana pentingna atikan kasenian, pangpangna anu patali jeung kabudayaan. Ku kituna, dina PP No. 19, Taun 2005 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan, kecap seni salawasna dihijikeun jeung budaya (seni dan budaya). Upama diteuleuman leuwih jauh, dihijikeunna kecap seni jeung budaya téh mibanda harti yén atikan kasenian salawasna kudu nyoko kana budaya di lingkungan séwang-séwangan. Lantaran bangsa Indonésia mibanda kabeungharan budaya, tangtu baé di saban wewengkon téh nyampak seni jeung budaya nu mandiri, sarta béda jeung seni budaya séjén. Tong boro nyarita nasional, dalah di tatar Sunda ogé kalintang beungharna. Saban wewengkon, sasarina miboga seni jeung budaya nu mibanda ajén-inajén punjul, sarta boga ciri has séwang-séwangan.
Seni jeung budaya ieu pisan anu perelu ditépakeun ka barudak sakola, sangkan mikawanoh, anu kadituna dipiharep mikacinta. Numuwuhkeun rasa kacinta tur kareueus kana seni jeung budaya sorangan, kalayan lain hartina nutup diri kana seni jeung budaya global. Taya salahna mikawanoh tur mikaresep budaya mancanagara, tapi henteu mopohokeun seni jeung budaya banda sorangan. Lanataran, seni jeung budaya bangsa, tangtu karakteristikna béda jeung seni budaya deungeun.
Hususna di tatar Sunda, tangtu baé anu perelu diwanohkeun téh seni budaya Sunda. Réa urang deungeun nu ngahaja ngayakeun panalungtikan ngeunaan seni budaya Sunda, ku lantaran ngarasa kataji tur nganggap seni budaya Sunda linuhung. Tangtu baé kalintang lebarna lamun urang Sunda sorangan henteu mikawanoh.
Ngawanohkeun seni budaya Sunda bisa dimimitian ku népakeun basa Sunda jeung rupaning kamonésan basa Sunda dina ajén sastra, anu nyampak dina eumpaka lagu, sajak, carpon, jeung sajabana. Perelu ditandeskeun deui yén basa Sunda téh henteu kampungan. Basa Sunda ogé bisa jadi basa rupaning paélmuan. Komo deui lamun ngagedurkeun népakeun kabiasaan ngagunakeun aksarana. Mémang, aksara Sunda geus langka digunakeun, lantaran kalintang banggana lamun ngamimitian ngawanohkeun aksara Sunda, anu kakara kapaluruh sababaraha taun katukang; nepi ka kiwari ogé masih kénéh réa nu nganggap yén aksara Sunda téh “ha na ca ra ka”. Padahal nu saéstuna mah aksara Sunda téh “ka ga nga…”. Jadi, wajar lamun bangga diterapkeun dina kabiasaan sapopoé. Ku kituna, aksara Sunda mah geus puguh hésé, tinggal basana nu kudu digedurkeun téh, lantaran basa Sunda mah masih kénéh diparaké dina kahirupan sapopoé. Malah dina tayangan tivi nasional ogé, basa Sunda mindeng dipaké, sanajan ngan ukur di sabudeureun bobodoran. Kilang kitu, ku mindeng dikedalkeun ogé apan bisa nuduhkeun yén basa Sunda téh masih kénéh aya dikieuna, dipikawanoh, tur masih loba anu ngagunakeun dina kahirupan sapopoé. Nu leuwih utama, basa Sunda téh basa rasa, nu kalintang anteb tur nyurup digunakeun ku para nonoman urang Sunda
Basa, Kasenian, jeung Kahirupan Sunda
KU ayana kamekaran téknologi internét nu ngarambah
nepi ka tepis wiring, tétéla mawa pangaruh nu kalintang hadé kana
kahirupan basa Sunda. Sanajan téknologi datangna ti deungeun, tapi lain
hartina mareuman basa Sunda. Perkara ieu bisa diimeutan dina sawatara
jejaring sosial, saperti facebook. Réa diantarana anu tara
asa-asa deui ngawangkong téh ku basa Sunda tur bisa kabaca ku balaréa.
Malah aya rasa kareueus kana basa Sunda, mangsa bisa ngawangkong
ngagunakeun basa indung. Lebah dieu, bisa dicindekeun yén naon rupa anu
jolna ti deungeun téh henteu salawasna goréng, malah nu hadé ogé kacida
réana. Kilang kitu, kalintang gumantung kana kumaha carana urang
ngamangpaatkeunana pikeun kahadéan.
Poé
basa indung anu dipiéling saban 21 Fébuari tangtu bakal leuwih
haneuteun ku ayana natrat yén basa indung téh hirup kénéh, dina harti
masih diparaké ku masarakat dina wangkongan sapopoé. Lain baé basa
Sunda, da kaasup basa indung sélér séjénna ogé jadi leuwih hirup ku
ayana kamekaran téknologi. Lebah dieu seukeutna sawangan UNESCO téh, anu
antukna netepkeun 21 Fébuari minangka Poé Basa Indung Internasional.
Héabna
sumanget pikeun ngamumulé basa Sunda ogé bisa karasa ti kalangan
rumaja. Contona, dina Féstival Drama Basa Sunda (FDBS) Pelajar anu
diayakeun ku Téater Sunda Kiwari, pesertana bisa ngajaul ngaleuwihan
targét panitia. Sabada pendaptaran FDBS Pelajar ditutup, kacatet 49 grup
téater rumaja nu miluan dina éta féstival. Lain baé patandang ti Jawa
Barat, da aya ogé peserta anu jolna ti Banten. Basa Sunda henteu bisa
dipisahkeun ku wilayah administratip. Komo deui Banten mah kapan sidik
Sunda pisan.
Sajabana
ti FDBS Pelajar anu digelar ti tanggal 7 nepi ka 27 Fébuari, di Gedong
Kasenian Rumentangsiang ogé maneuh dipidangkeun rupaning kasenian Sunda,
kayaning tari tradisonal, sandiwara Sunda, longsér, jeung sajabana.
Beuki pikabungaheun basa nengetan personilna leuwih réa didominasi
ku kaum rumaja. Sandiwara Sunda mimiti neut-neutan deui, dipidangkeun
sacara maneuh di Rumentangsiang. Grup Sri Murni jeung Ringkang Gumiwang
kaasup dua grup sandiwara nu mindeng ngagelarkeun pintonan di
Rumentangsiang.
Ku
leuwih hirupna basa Sunda, boh di dunya maya atawa dina kahirupan
sapopoé, dipiharep mawa pangaruh hadé pikeun masarakat. Budaya Sunda
tetep bisa kajaga pikeun ngawangun kahirupan nu silih asah, silih asih,
tur silih asuh. Réréongan dina kahadéan, wanoh jeung baraya katut
tatangga, muga leuwih natrat deui. Urang Sunda bisa ngigelan kamekaran
jaman, bari henteu kudu ngaleungitkeun idéntitasna salaku urang Sunda.
Pon kitu deui, taya salahna mikaresep kasenian deungeun kalayan henteu
kudu mopohokeun kasenian banda urang.
Dina
mangsa globalisasi kiwari, taya deui pilihan iwal ti kudu wani aub
tarung dina persaingan. Urang Sunda kudu siap tandang makalangan sangkan
henteu jadi galandangan di lembur sorangan. Pangpangna mah nurutkeun
data statistik, di lembur sorangan ogé tétéla urang Sunda méh kaléléd ku
para pendatang. Widang ékonomi, pulitik, katut kasenian, ulah nepi ka
kajadian jati kasilih ku junti. Urang Sunda kudu bisa hirup kalayan
walagri di lemah cai Sunda. Ironis kabina-bina mangsa nyaksian urang
Sunda nu teu kabagéan pacabakan tur teu mampuh mibanda pangiuhan. Di
sisi séjén, réa nu hirupna medah-meduh, malah ngarasa bingung kudu
kumaha méakeun raja kaya.
Dina
kaayaan sarupa kitu, naha kamana atuh palsapah “silih asih” téh jeung
sasama téh? Naha urang bet téga ngantepkeun baraya nu katalangsara di
sarakan sorangan? Ku kituna, lain baé ngamumulé basana jeung kasenianna,
tapi nu leuwih utama mah miara ajén inajén jeung saripati kalinuhungan
budayana pikeun dipraktékeun dina kahirupan sapopoé.
Lamun
“silih asah, silih asih, jeung silih asuh” geus bisa diterapkeun dina
kahirupan sapopoé, tangtu beuki éndah Sunda téh. Éndah alamna, éndah
kahirupanana. Hirup basana, hirup kasenianna, tur hirup budayana. Apan
harti “Sunda” téh éndah. Rék ditarjamahkeun kana basa naon ogé, “Sunda”
mah salawasna éndah tur reumbeuy kahadéan.***
Tulak Bala Singlar Runtah
PASUALAN runtah di Bandung tacan tuntas sanajan geus aya Tempat Pembuangan Akhir
(TPA) di wewengkon Cigending, Cipatat, Kabupaten Bandung. Nepi ka
kiwari ogé runtah masih tingtalambru di sawatara jarian samentara. Teu
pamohalan, sababaraha taun deui, runtah bakal ngahunyud.
Sabab, produsén runtah beuki rongkah, kalayan henteu diimbangan ku cara
ngokolakeun anu idéal. Solusina lain sakadar néangan lahan TPA anu lega.
Pangna kitu, lantaran salega-legana lahan anu disayagikeun, lila-lila
mah bakal mentung ngagunung nampung runtah urang Bandung.
Mangkaning
sasaha ogé geus pada awal, yén runtah téh bisa ngadatangkeun mamala
atawa balai. Geus puguh sabangsaning panyakit alatan polusi. Katambah
deui pangalaman tragédi ngabeledugna gunung runtah di TPA Leuwigajah nu
geus ngubur kampung-kampung sakuliah Leuwigajah jeung tatar Batu Jajar
(21/02/05). Geus puguh harta banda, dalah korban jiwa ogé henteu bisa
disingkahan ku ngamukna sakadang runtah harita. Hiji bukti yén runtah
lain pasualan anu bisa dianggap énténg.
Tina
bala alatan runtah, bisa ngalantarankeun balai. Ku ayana kitu, kudu
buru-buru mapatkeun jampé tulak bala singlar runtah. Ari tulak bala téh
sabangsaning jajampéan atawa dunga pikeun nyingkahan balai. Sasarina
jampé tulak bala dipapatkeun dina upacara tradisi ritual, saperti
ngaruat jagat, hajat bumi, ngalaksa, jsté. Tulak bala ogé aya anu sok
dipirig ku waditra anu dianggap sakral, saperti angklung gubrag, terbang pusaka, jsté. Tapi jampé jeung téknis tulak bala nyinglar runtah mah kawilang basajan. Bisa dipapatkeun ku sakumna urang Bandung, kalayan henteu perelu ngalibetkeun Jurig Jarian.
Saméméh
diajar mapatkeun tulak bala singlar runtah, taya salahna maluruh heula
kasangtukang runtah. Sanajan henteu kungsi ngawawancara runtah, tapi
bisa dipastikeun produsén runtah pangrongkahna mah jolna ti rumah
tangga. Sabéngbatan mémang moal katingali loba, da puguh ti saimah téh
rata-rata ukur sakérésék atawa dua kérésék. Tapi ari dikalikeun jeung
sakabéh imah di Bandung mah, tangtu jumlahna bisa nepi ka ratusan rébu
méter kubik. Ku ayana kitu, salah sahiji jalan anu bisa disorang nyaéta
ngurangan jumlah runtah ti saban imah.
Pikeun
babandingan, masarakat pilemburan mah asa tara nyanghareupan pasualan
runtah. Sabab ti baheula ogé geus surti dina ngokolakeun runtah. Contona
misahkeun runtah organik jeung an-organik. Runtah
baseuh sasarina diruang, demi runtah garing bisa disalurkeun ka tukang
rongsokan atawa diduruk. Naon pasualanana ngaduruk runtah? Sanajan bisa
nimbulkeun dioksin anu henteu séhat pikeun diangseu, tapi bakal leuwih
henteu séhat lamun patulayah tur ahirna ngotoran lingkungan.
Di
Bandung, mémang pamohalan ngaruang runtah baseuh di sabudeureun imah.
Sabab, umumna henteu nyayagikeun lahan pikeun ngurus runtah. Cukup boga
tong runtah di hareupeun imah, kalayan henteu ngarasa perelu mikiran ka
mana éta runtah dipiceun. Lantaran ngarasa geus mayar iuran runtah téa,
antukna loba anu teu harayang nyaho itu-ieuna. Nu penting mah di
wewengkonna beresih, kajeun teuing di wewengkon batur mah barala ogé. Nu
penting mah di wewengkonna henteu barau runtah, kajeun teuing di
wewengkon batur mah barau runtah ogé. Sikep égois anu méh teu karasa,
geus nerekab ka sawatara pangeusi Bandung.
Loba
masarakat anu nampik upama wewengkonna rék dijieun TPA. Puguh baé
lumbrah, lantaran maranéhna ngeunteung kana gagalna cara ngokolakeun
TPA. Antukna TPA idéntik jeung kumuh, rarujit, barau, sarta
ngabahayakeun kasalametan jiwa. Sabenerna éta anggapan téh bisa dirobah
upama TPA dikokolakeun kalayan hadé tur daria. Contona ku cara
ngahangkeutkeun kagiatan ngolah runtah jadi gemuk. Ku cara kitu,
masarakat baris ngabagéakeun wewengkonna dijieun TPA, lantaran bisa
nyiptakeun arawa ngalegaan lahan pacabakan. Salila ieu, kagiatan ngolah
runtah ukur jadi wacana, henteu dibarung prakna, sakurang-kurangna
henteu pati daria.
Anu
leuwih mungkin ditaratas pikeun nyiar solusi pasualan runtah, taya deui
iwal ti ngayakeun gawé bareng antara pamaréntah jeung sakumna
masarakat. Lamun ukur ngandelkeun pamaréntah, nepi ka iraha ogé moal aya
réngséna. Sakali deui, kudu aya rampak gawé anu harmonis antara
pamaréntah jeung masarakat. Kahiji, wayahna pamaréntah kudu nyayagikeun
dua rupa mobil paranti ngangkut runtah, nyaéta pikeun runtah baseuh
jeung runtah anu garing. Lamun waragad maén bal anu jumlahna miliaran
bisa kahontal, piraku baé henteu kabeuli mobil paranti runtah.
Sanggeus
sayagi dua rupa mobil runtah, tangtuna ogé kudu diimbangan ku
nyayagikeun dua rupa TPA, pikeun nampung runtah baseuh jeung runtah
garing. Ku cara kitu, anu sok mulungan runtah ogé bakal sujud syukur,
lantaran leuwih babari ngumpulkeun barang-barang anu payu kénéh kana
duit. Apan éta téh kaasup pagawéan mulya anu mugia baé aya dina
karidoan-Na.
Satuluyna, saha anu kudu misah-misahkeun runtah baseuh jeung garing? Taya deui, iwal ti masarakat di saban imah. Mun
perelu, nyieun dua tong sampah keur runtah baseuh jeung runtah garing.
Éta pisan wujud partisipasi nyata masarakat nu kalintang mangpaatna.
Sabab, pasualan runtah mah gumantung pisan kana sikep saban individu
dina ngokolakeun runtah. Sanajan pamaréntah bébéakan ngurus runtah, moal
aya anggeusna lamun henteu bisa ngahudang kasadaran masarakat dina
ngokolakeun runtah. Lain baé pasualan pamaréntah anu tacan bisa
ngokolakeun runtah, tapi perkara méntal masarakat ogé henteu kurang
pentingna.
Jajampéan
tulak bala singlar runtah mah kawilang basajan. Mangga cobian papatkeun
bari peureum atawa bari beunta, atawa bari peureum beunta: “ciwit heula diri sorangan, saméméh nyiwit batur; Ambeuan heula runtah sorangan, saméméh neumbleuhkeun bau ka batur. Lamun kaambeu bau, pék pikiran carana sangkan batur henteu katempuhan kudu nyeuseup nu barau téa”.
Pikeun
sing saha baé anu irungna masih kénéh normal, pasti bakal milu titén
kana pasualan runtah, sakaligus mibanda tékad pikeun milu partisipasi
dina mulangkeun deui citra Bandung jadi kota kembang.***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar