Film Bandung Kudu Manggung
NILIK
kana gebyarna acara Féstival Film Bandung 2012, tangtu baé ninggalkeun
hiji pananya: mana ari film produksi urang Bandung? Padahal, dina
sajarah perfilman Indonésia, sidik pisan anu ngamimitian nyieun film téh
datangna ti Bandung. Sanajan anu boga vokalna urang Walanda, tapi film
anu dijieunna Bandung pisan, malah Sunda pisan, nyatana film “Loetoeng
Kasaroeng”, anu dina taun 1926 diproduksi ku NV Java Film Company, kalayan sutradarana G. Kruger jeung L. Heuveldorp. Kilang kitu, para pamaénna mah diwengku
ku aktor-aktris pribumi. Ieu film munggaran di Indonésia téh mimiti
diputer di kota Bandung, ti tanggal 31 Desember 1926 nepi ka 6 Januari
1927 di dua bioskop kakoncara, Bioskop Metropole jeung Bioskop Majestic.
Ku
ayana urang Belanda milih tatar Sunda anu munggaran diangkat kana film,
tangtuna ogé mibanda rupaning alesan. Moal sapati-pati wani nyieun film
anu mibanda latar Sunda, lamun teu kasawang yén film-film Sunda téh
bakal dipikaresep ku balaréa. Di tatar Sunda gudangna carita. Lain baé
film Sunda anu munggaran manggung, da puguh novél anu pangheulana
manggung (medal) ogé taya lian novél nu ngagunakeun basa Sunda, anu
judulna “Baruang ka Nu Ngarora”, karangan DK. Ardiwinata, dipedalkeun ku
Balé Pustaka, taun 1914.
Forum
Film Bandung (FFB) katémbong leuwih mibanda kapercayaan diri kana
kualitas film anu mibanda latar kasangtukang Sunda. Katitén FFB kana
film Sunda, salahsahijina dibuktikeun ku digelarna diskusi anu jejerna
“Mengangkat Karya Sastra Sunda ke Dalam Film Indonesia”. Najan perelu
ngalalanyahan deui ti mimiti, tapi lamun miang tina sajarah perfilman,
sigana cita-cita FFB téh lain saukur impian. Di satengahing palagan
téknologi perfilman nu beuki maju, tangtuna ogé urang Sunda ulah saukur
jadi nu lalajo. Film Sunda, kudu karasa nyundana, ulah siga film
Indonésia anu teu pati karasa Indonésiana, salian ti basana.
Lamun
urang lalajo film India, ti mimiti detik awal dina tayanganna ogé geus
karasa Indiana. Teu béda jeung lalajo film Mandarin, koréa, Jepang,
jeung sajabana. Para sinéas film di India, kalintang miduli tur reueus
kana budayana. Ku kituna, dina saban lalakon film, salawasna némbongkeun
jati-dirina, tur henteu sérab ku meuweuhna budaya Barat anu dianggap
leuwih modern. Tug nepi ka aksarana ogé tetep dipertahankeun. Ku kituna,
lamun film India atawa Mandarin didabing ku basa Indonésia, tetep baé
moal dianggap film Indonésia. Aya rasa anu teu bisa dirobah, boh dina
lalakonna, pon kitu deui dina cara ngagarapna.
Kiwari
dunya film di Indonésia didominasi ku urang Jakarta. Para sineas film
lolobana lulusan IKJ (Institut Kesenian Jakarta). Rumah Produksi riab di
Jakarta. Ku kituna, lamun urang Bandung hayang makalangan di dunya
film, tangtu kudu wani ngaprak ka Jakarta. Anu matak hélok, urang
Jakarta mindeng ngagunakeun lokasi syuting di Bandung. Jadi, naha atuh
lain urang Bandung sorangan anu nyarieun film di Bandung, tur hasilna
adukeun jeung produk Jakarta.
Sawatara
taun katukang, di Bandung kungsi aya Rumah Produksi nu ngaranna ESA
Production. Éta ogé produserna mah lain urang Sunda. Kilang kitu, film
anu dijieunna loba nu némbongkeun latar Sunda, katut aktor-aktrisna
ngarékrut urang Sunda. Hasilna bisa ditayangkeun di télévisi nasional nu
kakoncara. Hanjakal pisan, lila-lila beuki kaléléd ku produksi Jakarta,
tug nepi ka antukna eureun mroduksi. Ti saprak harita, tacan kungsi
kacaturkeun deui Rumah Produksi anu produktip nyieunan sinétron.
Padahal, lamun ngeunteung kana lalakon ESA Production mangsa keur jaya,
sabenerna urang Sunda ogé bakal mampuh nyieun Rumah Produksi anu
medalkeun film-film nu mibanda latar Sunda.
KONGRÉS PAMUDA SUNDA, “EUNTEUNG BEUREUM” NU JADI MARGA
Teungteuingeun eunteung beureum,
Keretas daluang Cina
Teungteuingeun deungeun-deungeun,
Neken téh kabina-bina
Paneungteuinganan deungeun dina dasawarsa 1950-an anu jadi kasangtukang diayakeunana Kongrés Pamuda Sunda téh. Mimitina muncul isu pulitik “non” jeung “co”. Urang Sunda dituduh “co”, gawé bareng jeung Walanda dina mangsa revolusi kamerdekaan taun 1945-1949. Hartina dituding hianat kana perjoangan.
Terus dituduh provinsialistis jeung ngagegedékeun sukuismeu deuih. Loba gegedén urang Sunda anu digésér sacara teu étis tina kalungguhanana di pamaréntahan di Tatar Sunda. Nu ngagantina deungeun-deungeun anu tacan puguh kamampuhna.
Gangguan kaamanan teu eureun-eureun. Gorombolan Kartosuwiryo ngagalaksak padésaan. Rajakaya rahayat dirampas, imahna diduruk, nyawana didorhos (dipaténi). Nya loba urang pasisian anu ngungsi ka kota-kota bari henteu mawa bekel modal jeung kaparigelan. Puguh wé hirupna kadungsang-dungsang.
Para nonoman nu rék nyiar pangarti ka paguron luhur réa barebedanana. Hayang kuliah téh kudu indit ka Yogyakarta atawa Jakarta. Harita mah di lembur sorangan mah tacan renung paguron luhur cara ayeuna. Aya gé ITB (Institut Téhnologi Bandung), tapi da éta mah keur para nonoman sa-Nusantara, katurug-turug ngan ngulik élmuning téhnik baé.
***
TINA beurat ku bangbaluh, kuniang urang Sunda téh hudang, terus singkil. Dug-deg organisasi kasundaan anu udaganana pikeun ngabéla diri, ngahadéan nasib, jeung merjoangkeun pikahareupeun. Boh sepuh boh nonoman parahi ngadegkeun organisasina masing-masing. Aya Pangauban Sunda, Sunda Budaya, Daya Sunda, Daya Mahasiswa Sunda, Nonoman Sunda, katut Putra Sunda.
Sangkan henteu aing-aingan, organisasi urang Sunda anu réa rupana téh aya nu meungkeut. Sawatara organisasi ti kalangan sepuh ngahiji dina Badan Musawarah Sunda (BMS) anu dipingpin ku Mr. Iwa Kusuma Sumantri. Ari organisasi para nonomanna ngahiji ngariung dina dapuran Front Pamuda Sunda (FPS).
Gagasan Kongrés Pamuda Sunda jolna ti Ajip Rosidi, anu harita umurna kakara 18 taun. Puguh wé aya kasang tukangna. Harita sumebar pamflet ti Front Pamuda Sunda anu ditawis ku Adeng S. Kusumawijaya minangka Ketua Umum, katut Ajam Syamsupraja, minangka Sekretaris Jenderal. Pamflét téh kalawan ngagunakeun basa anu sugal garihal eusina ngiritik, malah nyarékan ka pamingpin Partéy Nasional Indonesia (PNI) Jawa Barat, pamaréntah pusat (Présiden Sukarno), jeung urang Jawa.
Réa nu méré koméntar, babakuna papada urang Sunda. Aya nu panuju, aya deuih nu nolak kana eusi jeung cara nepikeunana éta pamflét. Urang Sunda parebut bener jeung urang Sunda.
Dina karéta api ka-Bandungkeun, pok Ajip nyarita ka baladna, Olla S. Sumarna Putra, “Lamun kitu, perelu pisan diayakeun hiji Kongrés, sangkan sakabeh urang Sunda, tokoh-tokohna, bisa madungdengkeun naon jeung kumaha kahayangna. Ulah cara ayeuna, dibandunganana dina surat-surat kabar nu paraséa téh bet Sunda pada Sunda, pédah béda-béda pamanggih jeung kapentingan; nu temahna mah baris ngarugikeun urang Sunda umumna baé.”
Gagasan pikeun ngayakeun Kongrés, meunang pangbagéa ti papada aktivis kasundaan. Prak tatahar, antarana ku jalan ngariung di bumina Létnan Kolonel Akil Prawiradirja, di Jalan Salatiga, Jakarta. Ngariung deui di Bogor, di panganjrekanana Saikin Suriawijaya, anu harita masih keneh mahasiswa IPB (Institut Pertanian Bogor), di Jalan Tampomas.
Nu ruang-riung téh sawatara pamuda katut mahasiswa Sunda, babakuna anu dumuk di Bogor jeung Jakarta. Aranjeunna mutuskeun, yén Kongrés Pamuda Sunda baris diayakeun di Bandung, puseur dayeuh Tatar Sunda, tur waktuna bulan Oktober bari sakalian miéling Sumpah Pamuda.
Panitia katut rarancang Kongrés disusun dina riungan di Gang Maksudi, Pabaki, Bandung, di bumina Tatang Suriaatmaja, bulan Séptémber 1956. Nu ngariungna leuwih rempeg. Aya utusan ti Jakarta, Bogor, Tasikmalaya, Ciamis, Cianjur, jeung ti kota séjénna, sagédéngeun wawakil pribumi ti Bandung.
Panitia Kongrés dipingpin ku R.A.F. (Rahmatullah Ading Afandie) minangka Ketuana kalawan Tatang Kosasih nu jadi Sékértarisna. Demi masalah anu rék di-sawalakeun nyindekel kana tilu widang: (1) kaamanan, (2) sosial ekonomi, jeung (2) kabudayaan. Anu kapeto ngajejeranana nyaéta Jerman Prawirawinata katut Hamara Éffendi dina widang kaamanan, Sukhyar Tejasukmana katut Dayat Harjakusumah dina widang sosial ékonomi, jeung Buyung Saleh Puradisastra katut Mh. Rustandi Kartakusuma dina widang kabudayaan.
Méméh prung Kongrés, panitia ngayakeun sosialisasi Kongrés ka sakuliah Tatar Sunda, sakalian umajak sangkan réa nu milu Kongrés. Ari nu ngadongdon ka daérah-daérah téh aya sawelas urang, nyaéta R.A.F., Tatang Kosasih, Saikin, Alibasyah, Sanusi, Ajam Syamsupraja, Parma D. Sunarya, Nana Sutresna, Utuy Tatang Sontani, Olla S. Sumarna Putra, jeung Ajip Rosidi.
Umumna panarimaan ti urang daérah kayaning ti Subang, Sumedang, Cirebon, Kuningan, Ciamis, Tasik, Garut téh hadé pisan. Urang daérah gé nyanggupan rék ngirimkeun utusanana. Sajeroning kukurilingan téh anggota rombongan nyaksian sorangan kumaha gangasna gorombolan Kartosuwiryo jeung kumaha matak ngerikna kasungkawa rahayat.
Luyu jeung nu geus ditataharkeun, Kongrés Pamuda Sunda diayakeun di Bandung, tanggal 4-7 Nopember 1956. Acara pembukaaanna lumangsung di Hotél Orient (kiwari geus sirna), Jalan Asia Afrika. Ari sawalana mah lumangsung di gedong YPK (Yayasan Pusat Kabudayaan), Jalan Naripan.
Dina prungna Kongrés, teu wudu réa pisan nu miluna. Basa Kongrés dibuka nu nungkulan moal kurang ti 300 urang. Lian ti utusan ti daérah-daérah sa-Tatar Sunda (20 kabupatén jeung kotabesar), aya deuih utusan ti Jakarta, Yogyakarta, Semarang, jeung Tanjungpinang minangka wawakil masarakat Sunda nu mangkuk di éta kota. Dijumlah-jamléh, utusan nu datang ka Kongrés téh 111 urang.
Gegedén gé sarumping. Ti antarana baé aya Walikota Bandung, R. Enokh; Wakil Panglima TT III (kiwari Kodam III Siliwangi) Letkol Sambas; Mentri Dalam Negeri RI (anu munggaran) manten R.A.A. Wiranatakusumah, Mentri Dalam Negeri manten Sewaka, Mentri Pertahanan manten Mr. Iwa Kusuma Sumantri, katut Kolonel Sukanda Bratamanggala.
Basa biantara poéan muka Kongrés, 4 Nopember 1956, ba’da Magrib, Ketua Panitia R.A.F. nyebutkeun, “Pamuda nyekel tanggung jawab anu bangga dina sagala pasualan masarakat. Soal daérah jadi hiji soal munel dina pasualan-pasualan nasional. Masarakat Pasundan beuki dieu beuki ramijud dina sagala lapangan. Beuki meuweuhna rasa katugenah jeung kateusugema nu nyangkaruk di lingkungan masarakat Sunda, ku meuweuhna kapincangan-kapincangan nu karasa.
“Pasualan daérah teu bisa ngan wungkul dipasrah-keun ka deungeun-deungeun, tapi pangpangna kudu di-garap ku urang daerah pribadi… Panitia dibere kawajib-an ngawujudkeun Kongrés Pamuda Sunda nu tujuanana baris
nyieun jalan nu kongkrit, nu positif, enggoning me-reskeun ieu kaamanan
lembur matuh nu sakieu kacekek-na, pikeun ngahadean sosial ekonomi nu
sakieu ramijud-na, sarta madungdengkeun soal kabudayaan Sunda, anu ayeuna tanda hirupna téh pedah ngambekan wungkul,
“Jadi… .ieu Kongrés sanés badé jadi aréna pikeun ngaduregengkeun kateusugema, tapi bakal jadi musawarah pikeun manggihan jalan-jalan anu kongkrit pikeun ngubaran katugenah jeung kateusugema nu aya, sarta pikeun nyegah timbulna deui katugenah jeung kateusugema.”
Ti para gegedén, nu maparin biantara téh antarana ti Kolonel Suprayogi minangka Pj. Panglima T.T. III Siliwangi. Biantarana biantara tinulis anu didugikeun ku Letkol. Sambas. Mr. Iwa Kusuma Sumantri, Ketua Badan Musawarah Sunda, deuih nu ngiring sasauran téh.
Saur Pj. Panglima T.T. Ill Siliwangi, “Waktu yang Saudara-saudara pilih (di antara Sumpah Pemuda dan Hari Pahlawan) … sangat tepat sekali. Tempat yang Saudara-saudara pilih ialah kota Bandung, ialah tempat di mana beberapa hari lagi akan dilangsungkan pelantikan Dewan Konstituante, Déwan yang akan menyusun Undang-undang Dasar yang tetap bagi negara kita…
“Tidak ada gunanya kita marah karena kekecewaan-kekecewaan yang telah dialami. Tidak ada gunanya kita menyesali kesalahan-kesalahan di masa lampau. Kekecewaan dan kesalahan itu justru harus bisa kita pergunakan untuk membenarkan langkah di masa depan, supaya kesalahan jangan berulang, supaya kekecewaan jangan melimpah.”
Ari saur Mr. Iwa Kusuma Sumantri, “Pamuda Sunda perlu leuwih mentingkeun olah-raga keur kaséhatanana, perlu leuwih mentingkeun pangajaran keur ngangkat kanyahona, sarta perlu leuwih giat digawé keur perékonomianana. Sanajan kitu, ku lantaran urang Sunda hirup kumbuh sarta berjuang babarengan jeung suku-suku bangsa Indonesia lianna, tangtu baé rasa kasundaanana kasengker ku rasa solidaritas jeung suku-suku bangsa Indonésia nu séjén téa…
Tapi tangtu bae urang henteu sudi kasered batur, henteu sudi jadi kékéséd batur. Ku lantaran éta para nonoman Sunda ayeuna ngoréjat hudang singkil taki-taki maju ka hareup dina sagala lapangan élmu pengetahuan jeung perékonomian. Di sawatara nagara séjén mah pulitik nyanghareupan pasualan sukubangsa téh henteu picik saperti di dieu. Basa jeung kamajuan suku-suku bangsa téh kacida diperhatikeunana sarta dimumuléna. Ngahaja diadegkeun akademi-akademi suku bangsa nu ngulik basa-basana, sajarahna sarta kabudayaanana. Malah tulisanana nu geus tara dipaké ogé dihirupkeun deui sarta dimumulé. Para nonomanana ngahaja disarakolakeun maké ongkos nagara.”
LAMUN diibaratkeun kana rarasaan mah, kahirupan jaman kiwari téh keur meujeuhna lada kabina-bina, anu dina
dongéng sasatoan mah disebutna téh seuhah lata-lata! Dina widang
kabudayaan, ékonomi, pulitik, hukum, jeung sajabana éstuning teu weléh
harénghéng tur matak jangar ngabandunganana. Krisis idola geus nembrak
kanyataanana. Masarakat leuwih resep ka pamaén sépakbola batan ka para
pamingpin nagara. Lantaran, kiwari geus ngurangan kapercayaan téh ku
ayana pamaréntah katut wakil rahayat tacan nedunan jangji-jangjina anu
kalintang araruduh dina jaman kampanye.
Kaayaan
pamaréntahan téh asa leuwih deukeut kana bobodoran. Contona ngistrénan
kepala daérah di LP. Sidik matak ditahan ogé ku lantaran jadi tersangka
korupsi, tapi keukeuh diistrénan. Jadina matak pikaseurian basa manéhna
ngucapkeun jagnji jeung sumpah jabatan, anu jelas-jelas ti saméméhna ogé
geus dirempak. Rék kumaha rayat percaya ka pamaréntah nu siga kitu?
Wakil rayat ogé katingalina taya ketak nanaon, lantaran studi banding
ngeunaan étika ogé kapan kalah ka Yunani. Padahal lamun hayang neuleuman
étika linuhung, wakil-wakil rayat téh asa leuwih hadé studi banding ka
wewengkon nu mibanda ajén-inajén budaya linuhunng. Dianataran neuleuman
kaarifan lokal, ajén budaya lemah cai nu kacida linuhung, diajénan ku
masarakat dunya, sarta awahing ku resep mah apan aya anu diiwat tur
disaluyukeun jeung budaya nagarana. Ari nu gogana, kalah apruk-aprukan
ka Yunani, anu teu hir teu walahir, tur moal nyambung jeung kapribadian
bangsa Indonésia.
Bobodoran
séjénna nu keur meujeuhna ditaranggap téh contona kasus Gayus Tambunan,
nu teu weléh jadi bahan catur. Ongkoh dibérok, tapi bisa ulin ka Bali
jeung luar nagri. Cacak anu teu dibérok ogé apan sakitu héséna hayang
ngahajakeun ulin ka Bali, komo ka luar nagri. Éta téh kakara Gayus, anu
jabatanna ogé teu sabaraha luhur. Komo atuh pajabat saluhureunana,
tangtu baé ngahunang-ngahening téh tangtuna lain akon-akon. Hanjakal nu
nanjeurkeun hukum téh henteu kumawani ngabongkar kelas kakapna mah,
sangkilang geus sakitu écésna katerangan ti Gayus. Kétang, ngurus Gayus
ogé sakitu ketar-ketirna, rupaning aturan diburak-barik ku Gayus. Seuhah
lata-lata pokona mah.
Keur
meujeuhna seuhah lata-lata, ana térékél téh rega céngék ngajaul. Réa
jalma nu geus teu kabeuli céngék. Atuh anu maksakeun meuli ogé ukur
tamba henteu wé keur nambahan samara. Kadaharan nu lada geus kaitung
langka, anu antukna hayang seuhah lata-lata téh merelukeun waragad nu
mahal. Teu sagawayah jalma bisa seuhah lata-lata, kajaba sakadang monyét
anu malingan céngék di kebon Pa Tani. Ku ayana Sakadang Monyét
gogorowokan “Seuhah Lata-lata”, antukna katohyan ku Pa Tani. Nu boga
dosana kabur. Ari nu kacerekna Sakadang Kuya, anu teu bisaeun lumpat
tarik. Sakadang Kuya rék dipeuncit ku Pa Tani, tapi saméméhna dikurungan
heula. Sabot keur dikurungan, Sakadang Monyét ngalongok. Ti dinya
Sakadang Kuya meunang akal keur ngabales kaculasan Sakadang Monyét. Ceuk
Sakadang Kuya, manéhna rék dikawinkeun ka anakna Pa Tani nu kalintang
geulis. Puguh baé Sakadang Monyét kabitaeun. Sakadang Monyét ngolo
sangkan anu dikurungan téh dihilian baé ku manéhna. Sakadang Kuya
satuju, kalayan saratna ménta digandong tur dialungkeun ka leuwi. Atuh
geus sapuk kitu mah, Sakadang Monyét teu kalékéd nedunan kahayang
Sakadang Kuya, sarta anu dikurungan téh dihilian. Teu béda sigana jeung
Kasiem anu ditukeuran ku Karni di pangbérokan jaman kiwari.
Isukna
Pa Tani geus tatahar rék meuncit Sakadang Kuya. Atuh puguh Sakadang
Monyét kacida ngaranjug. Ngabayangkeun rék dikawinkeun jeung anak Pa
Tani, kalah dipangasahkeun bedog. Hiji-hijina jalan pikeun nyalametkeun
diri nyaéta api-api paéh. Teu béda jeung para koruptor jaman kiwari, anu
sok papaéhan, mangsa geus katohyan ngabangsat duit rayat.
Perelu
dibebenah deui cara ngokolakeun nagara téh. Pangpangna dina pasulan
étika. Piraku mani geus taya kapeundeul pisan ngabohongan rayat jeung
ngagasak duit rayat téh. Mangsa duit pajeg digasak ku Gayus
sabalad-balad, Dirjen Pajak masih kénéh taya kapeundeul masang iklan
dina télévisi, nitah masarakat sangkan tumut mayar pajeg, kalayan
ngagunakeun dialog nurutan Naga Bonar, “Apa kata dunia?” Padahal, dunya
mah moal nyarita nanaon lamun masarakat geus teu bisa mayar pajeg ogé.
Justru “apa kata dunia” téh lamun pamaréntah henteu bisa ngabongkar
kasus Gayus tug nepi ka kacerek jeung tingkat gegedénna.
Enyaan,
teu béda jeung dongéng Sakadang Monyét maling céngék di kebon Pa Tani.
Nu seuhah Lata-lata sakadang Monyét, ari nu dicerekna Sakadang Kuya. Yu
geura, urang mukaan deui dongéng-dongéng sasatoan nu asli gumelar di
tatar Sunda. Tuluy bandingkeun jeung kahirupan jaman kiwari.***
Atikan Kasenian di Sakola, Napak dina Budaya Bangsa
ANU
pangheulana jadi pananya téh tangtuna ogé: naon tujuanana ngayakeun
atikan kasenian di sakolaan, pangpangna tingkat SD? Puguh baé tujuanna
lain pikeun ngajadikeun sakur siswa sangkan jadi seniman. Perkara isuk
jaganing géto aya diantarana nu jadi seniman, éta mah tangtu henteu
matak ngarobah tujuan utama iayakeunana atikan kasenian di sakola. Siswa
tingkat SD, mangrupa mangsa nyorang atikan formal anu bakal nangtukeun
ngabentukna karakter siswa ka hareupna. Diayakeunana atikan kasenian di
sakola téh tujuan utamana mah pikeun ngatik sangkan siswa jadi kréatif.
Ku
ayana atikan kasenian, siswa ogé dilatih pikeun mibanda kamampuh nalar,
kalemesan budi, imajinasi, sarta kaseukeutan rasa dina nyawang
kahirupan di lingkungan sosial budaya Indonésia. Jadi,
atikan kasenian téh henteu sakadar kalangenan, anu diayakeun dapon
henteu. Lantaran, atikan kasenian bisa raket patalina jeung mata ajaran
séjénna. Nu matak, sok aya istilah seni ngajar, seni diajar, jeung seni
séjénna. Perkara éta nuduhkeun yén naon rupa perkara ogé bakal leuwih
anteb lamun ditumpangan ku seni.
Pamaréntah
kalintang surti kana pentingna atikan kasenian, pangpangna anu patali
jeung kabudayaan. Ku kituna, dina PP No. 19, Taun 2005 ngeunaan Standar
Nasional Pendidikan, kecap seni salawasna dihijikeun jeung budaya (seni
dan budaya). Upama diteuleuman leuwih jauh, dihijikeunna kecap seni
jeung budaya téh mibanda harti yén atikan kasenian salawasna kudu nyoko
kana budaya di lingkungan séwang-séwangan. Lantaran bangsa Indonésia
mibanda kabeungharan budaya, tangtu baé di saban wewengkon téh nyampak
seni jeung budaya nu mandiri, sarta béda jeung seni budaya séjén. Tong
boro nyarita nasional, dalah di tatar Sunda ogé kalintang beungharna.
Saban wewengkon, sasarina miboga seni jeung budaya nu mibanda
ajén-inajén punjul, sarta boga ciri has séwang-séwangan.
Seni
jeung budaya ieu pisan anu perelu ditépakeun ka barudak sakola, sangkan
mikawanoh, anu kadituna dipiharep mikacinta. Numuwuhkeun rasa kacinta
tur kareueus kana seni jeung budaya sorangan, kalayan lain hartina nutup
diri kana seni jeung budaya global. Taya salahna mikawanoh tur
mikaresep budaya mancanagara, tapi henteu mopohokeun seni jeung budaya
banda sorangan. Lanataran, seni jeung budaya bangsa, tangtu
karakteristikna béda jeung seni budaya deungeun.
Hususna
di tatar Sunda, tangtu baé anu perelu diwanohkeun téh seni budaya
Sunda. Réa urang deungeun nu ngahaja ngayakeun panalungtikan ngeunaan
seni budaya Sunda, ku lantaran ngarasa kataji tur nganggap seni budaya
Sunda linuhung. Tangtu baé kalintang lebarna lamun urang Sunda sorangan
henteu mikawanoh.
Ngawanohkeun
seni budaya Sunda bisa dimimitian ku népakeun basa Sunda jeung rupaning
kamonésan basa Sunda dina ajén sastra, anu nyampak dina eumpaka lagu,
sajak, carpon, jeung sajabana. Perelu ditandeskeun deui yén basa Sunda
téh henteu kampungan. Basa Sunda ogé bisa jadi basa rupaning paélmuan.
Komo deui lamun ngagedurkeun népakeun kabiasaan ngagunakeun aksarana.
Mémang, aksara Sunda geus langka digunakeun, lantaran kalintang banggana
lamun ngamimitian ngawanohkeun aksara Sunda, anu kakara kapaluruh
sababaraha taun katukang; nepi ka kiwari ogé masih kénéh réa nu nganggap
yén aksara Sunda téh “ha na ca ra ka”. Padahal nu saéstuna mah aksara
Sunda téh “ka ga nga…”. Jadi, wajar lamun bangga diterapkeun dina
kabiasaan sapopoé. Ku kituna, aksara Sunda mah geus puguh hésé, tinggal
basana nu kudu digedurkeun téh, lantaran basa Sunda mah masih kénéh
diparaké dina kahirupan sapopoé. Malah dina tayangan tivi nasional ogé,
basa Sunda mindeng dipaké, sanajan ngan ukur di sabudeureun bobodoran.
Kilang kitu, ku mindeng dikedalkeun ogé apan bisa nuduhkeun yén basa
Sunda téh masih kénéh aya dikieuna, dipikawanoh, tur masih loba anu
ngagunakeun dina kahirupan sapopoé. Nu leuwih utama, basa Sunda téh basa
rasa, nu kalintang anteb tur nyurup digunakeun ku para nonoman urang
Sunda.***